Syiir Sholat

Ripuhna jadi pedagang
Sholatna digagampang
Komo deui dagangana laku
can sholat ge ngakuna khusu

Ripuhna jadi petani
Sholatna ukur wengi
Komo deui mangsana panen
Sholatna teh loba liren

Ripuhna jadi panyawah
Sholat sawayah wayah
Komo deui mangsana tandur
Sholatna teh diundur-undur

Ripuhna jadi pajabat
Mikiran nasibna rakyat
Komo deui mangsa pamilu
Sholatna jarang kaburu

Ripuhna jadi supir
Sholatna jarang kapikir
Komo deui loba panumpang
Sholatna loba kasarang

Ripuhna jadi kuli
Sholatna mineng lali
Komo deui keur loba tugas
Sholatna mineng laleupas

Kadang wargi sareng dulur
Sanajan sibuk ngatur
Sholat mah ulah kaliwat
Meh salamet dunya akherat

Naon wae profesina
Tong lali kana tugasna
Tujuan akhir sadayana
Hoyong salamet dugi ka surga

Kade ulah kabobodo
Ku dunya nu matak poho
Urang kabeh bakal maot
Mayunan akherat kacida abot

Kade petot kana syukur
Kade bisi ujub takabur
Loba jalma anu luhur
Poho kanu Maha Luhur

Sing hormat ka ulama
Mantena warisan anbiya
Nu ngajarkeun rupa ibadah
Taat ka Allah wa Rosulullah

Tingkatkeun kaimanan
Sampurnakeun rukun islam
Lempengkeun patekadan
Sangkan bagja kabagean

Ati ati kanu anyar
Loba pisan kelompok sasar
Pancegkeun kayakinan
Ulama jadi panutan

Pasukan kudu kuat
Ngalawan aliran sesat
Kade urang bisi kabengbat
Ku jalma jalma nu kawalat

Akidah ahlusunah
Tuluykeun wal jama'ah
Tuturkeun para guru
Ngahiji dina NU

Urang mah jalma bodo
Tapi ulah katotoloyo
Usahakeun jadi jalma ngarti
Sangkan jadi jalma surti

Sing cinta ka ajengan
Nu muruk kebeneran
Nu Ngajarkeun akhlakulkarimah
Ngajarkeun cara ibadah

Lebih baru Lebih lama