Pahlawanku


Teu ingis ku bisi
Teu rempan ku sugan
Maju tandang makalangan
Jawara nusa nu kakoncara
Tega pati pikeun ibu pertiwi
Nanjeurkeun panji Ilahi
Golontorna getih jadi saksi
Syahidna pejuang sejati
Lali rabi demi merdeka nagari
Cintana ka bangsa teu kareka ku carita
Melaan umat sangkan bisa bener sholat
Salamet dunya jeung akherat
Ulama, salira panglima sajati
Pajuang nu teu merdih balas budi
Teu serab ku tahta jeung harta
Moal katimbang jasa salira ku dunya jeung eusina
Kukituna...
Melaan salira siap samodarna
Ngajaga NKRI siap sabubukna

0 Komentar

Posting Komentar

Post a Comment (0)

Lebih baru Lebih lama