Peupeujeuh sangkan maneuh

Jang,
kade hidep bisi kabiruyungan ku piteureuyeun
Sabab hirup ngan sakeudeungeun
Nu lila mah pikahareupeun

Jang,
Maneh teh generasi
Anu bakal diuk dina korsi
Lamun teu kuat pasti kadistorsi

Jang,
Teangan elmu panemu
Jampe pamake
Letah kudu aya peurahan

Jang,
Inget ku hidep
Hade punarep
Moal lana mun teu tegep

Jang,
Hidep teh kembang ati, soca nu jadi rama
Sing bisa ngabageakeun aranjeuna
Sabab kalayan ridho galih marantena jadi konci surga

Jang,
Kade hidep bisi kabobodo tenjo kasamaran tingali
Ku hal anu matak jadi nyeri
Dunyawi jeung ukhrowi

Jang,
Sing leuleus jeujeur, liat tali, laer dina aisan
Malapah gedang dina omongan
Nete taraje dina lampah hade

Jang,
Punjulna kalineuwihan jalma
Lain rupa lain pangaboga
Tapi pangabisa dina bakti ka Nu Maha Kawasa

Jang,
Cindekna hirup teh
Sing bisa mawa diri
Ulah ka irid ku cikiih, kabawa ku sakaba-kaba

Jang,
Ingetan bisi dulur hidep
Ngararud tunggul ngarumpak catang
Sing nyaah anu sajati ka papada makhluk Gusti

Jang,
Sakali deui, sing getem nata ati
Sumujud ka Hiyang Widi anu murni
Mundut ka mantena tina sagala rupi

0 Komentar

Posting Komentar

Post a Comment (0)

Lebih baru Lebih lama